Video Discription |
Video asli lagu pop sunda terbaik Doel Sumbang - Nya Tolol Nya Gelo (TOGEL): https://youtu.be/2SjgYUndX0k
"Belajar basa sunda dari lagu atau mengenal kosakata basa sunda dari lagu lebih mudah dan menyenangkan."
----------
#VIDEOAMATIR
#VIDEOKAMERAHP
#kinemaster #powerdirector
----------
#MAHIRTEKNIK_RESPECT
"Mari Kita Bertanggung Jawab Menjaga & Melestarikan Kebersihan & Keindahan Lingkungan"
_____
Hirup mah durang-duraring (Lamun teu cageur nya gering)
Hirup mah durang-duraring (Lamun teu beunghar nya miskin)
Nya pasti miskin…
Hirup mah durang-duraring (Lamun teu untung nya rugi)
Hirup mah durang-duraring (Lamun teu seuri nya ceurik)
Nya pasti ceurik…
(Nu wareg) tong poho kanu lapar, (nu lapar) tong sirik kanu wareg
(Nu beunghar) tong poho kanu miskin, (nu miskin tong) timburu kanu beunghar
(Nu untung) sing inget kanu rugi, (nu rugi) tong sirik kanu untung
(Nu seuri) sing inget kanu ceurik, (nu ceurik) tong timburu kanu seuri…
(Poho ogé geus teu hadé) komo ngahaja mohokeun
(Poho ogé geus teu hadé) komo bari nyangsarakeun
Di zaman sagala hésé, nu ngabandar nolol ogé
Jalma keur meujeuhna susah, dioloan titah maén
(Togel nya togel togel, matak tolol matak gélo
Togel nya togel togel, lamun teu tolol nya gélo)
Eleh dua puluh kali poho ku meunang sakali
Mun diitung angger rugi, bari dosa nambah deui
(Togel nya togel togel, matak tolol matak gélo
Togel nya togel togel, bandar togél tolol gélo)
Na naon untungna judi babaledogan jeung jurig
Ngimpi nasib robah gancang, ngahayal ka awang-awang
(Togel nya togel togel, matak tolol matak gélo
Togel nya togel togel, lamun teu tolol nya gélo)
Ari nu ngaranna bandar, matak jadi bandar ogé
Geus puguh lain nu eucreug, hate hideung ngabelegbeg
(Togel nya togel togel, matak tolol matak gélo
Togel nya togel togel, bandar togel tolol gélo)
Kajeun teuing masyarakat nu eleh nambah malarat
Bandar mah seuri jeung nyalse, da dosa mah urusan engke cenah mang Usep
Teu sieun ku pangadilan sabab pangadilan mah cenah tempat ketidakadilan
Ceuk maranéhna bapa sanes ceuk abdi, pantang sieun pol kawani da rumasa boga béking
(Beking nya beking beking, gabébék kanu teu éling
Jéger ta jéger jéger, lujag-léjég bari teu cageur)
Ieu ka dulur-dulur kuring, sing inget jeung sing percaya
Ladang ti jalan maksiat dijamin moal manfaat
(Moal nya moal moal, ladang ti jalan maksiat
Pasti nya pasti pasti ngan ukur jadi busiat)
Angguran nyanghareup ngulon nu disebut kiblat téa
Pék neda kanu kawasa sangkan hirup ulah susah
Nyanghareup kudu ka kulon lain nyanghareup ka kupon
Tong ngimpi beunghar ngadadak bisi akal sehat béak
(Beak nya beak beak, bisi akal sehat beak
Beak nya beak beak, laguna kaburu beak)
•••
Hidup itu durang-duraring (Kalau tak sehat ya sakit)
Hidup itu durang-duraring (Jika tak kaya ya miskin)
Ya pasti miskin…
Hidup itu durang-duraring (Jika tak untung ya rugi)
Hidup itu durang-duraring (Kalau tak tertawa ya menangis)
Ya pasti nangis…
(Yang kenyang) jgn lupa pd yg lapar, (yang lapar) jgn sirik pd yg kenyang
(Yang kaya) jgn lupa kpd yg miskin, (yang miskin) jgn cemburu pd yg kaya
(Yang untung) hrs ingat pada yg rugi, (yang rugi) jgn sirik pd yg untung
(Yang tertawa) ingatlah pd yg menangis, (yang menangis) jgn cemburu kpd yg tertawa…
(Lupa juga sudah tak baik) aplgi sengaja melupakan
(Lupa juga sudah tak baik) aplgi sambil menyengsarakan
Di zaman segala susah, yg ngebandar nongol jg
Orang pas lagi susah, dirayu dibujuk suruh main
(Togel ya togel togel, jadi tolol jadi gila
Togel ya togel togel, kalau nggak tolol ya gila)
Kalah dua puluh kali lupa karena menang sekali
Jika dihitung ttp rugi, malah dosa nambah lg
(Togel ya togel togel, bikin tolol bikin gila
Togel ya togel togel, bandar togél tolol gila)
Memang apa untungnya judi, bertaruh dengan yg ghoib
Mimpi nasib robah drastis, mengkhayal ke angkasa
(Togel ya togel togel, jadi tolol jadi
Togel ya togel togel, kalau nggak tolol ya gila)
Yg namanya bandar, maka jd bandar juga
Sdh tentu bkn orang benar, hati hitam gelap wujudnya
(Togel ya togel togel, bikin tolol bikin gila
Togel ya togel togel, bandar togel tolol gila)
Biar sj masyarakat yg kalah tambah malarat
Bandar cm tertawa & tenang, sbb dosa itu urusan nanti katanya mang Usep
Tak takut oleh pengadilan sbb pengadilan itu katanya tmpt ketidakadilan
Kata mereka bapa bkn kata sy, pantang ciut pol nyali sbb merasa punya beking
(Beking nya beking beking, membebek ada yang gak eling
Jéger ta jéger jéger, petantang-petenteng sambil nggak sadar)
Wahai saudara"ku, ingatlah & percayalah
Hasil dr jalan maksiat dijamin gk'kan manfaat
(Tidak ya tidak tidak, hasil dari jalan maksiat
Pasti ya pasti pasti cuma kan jadi kotoran)
Segeralah menghadap ke arah barat yg disebut kiblat
Memohonlah pada Yang Maha Kuasa supaya hidup jgn susah
Menghadap harus ke arah barat bukan menghadap ke kupon
Jgn ngimpi kaya mendadak takut akal sehat habis
(Habis ya habis habis, takut akal sehat habis
Habis ya habis habis, lagunya keburu habis) Wn5vINhI0K4 |